Pages

Sunday, July 4, 2021

Kidung Kabungahan 41 - Di Dunya Ieu Sok Poek Nya Hate

KKb 41 - Di Dunya Ieu Sok Poek Nya Hate (Di Dunia Ini Hati sering Gelap)

do = F ; 4/4

Verse 1 :
Di dunya ieu sok poek nya hate, loba perkara nu matak bingung
(Di dunia ini hati sering gelap, banyak perkara yang membingungkan)
Kasusah jalma geus taya hinggana
(Kesusahan orang tiada hentinya)
Kanyeri estu sok matak liwung, kanyeri estu sok matak liwung
(kesakitan menjadikan bingung, kesakitan menjadikan bingung)

Verse 2 :
Di dunya ieu sok beurat ku dosa, omong jeung lampah, pikir sumawon
(Di dunia ini amat berat oleh dosa, perkataan, kelakuan, apalagi pikiran)
Jeung mindeng labuh da loba panggoda
(dan sering jatuh, kar'na banyak godaan)
Hate sok nurut ka jalan awon, hate sok nurut kajalan awon
(hati suka mengikuti jalan salah, hati suka mengikuti jalan salah)

Verse 3 :
Demi di manggung, tempat Gusti linggih teu aya dosa taya panggoda
(Kalau di surga tempat Tuhan bertahta, tiada dosa, tak ada penggoda)
Nenjo nu suci, nu langkung nya asih
(M'natap Yang Kudus, Yang Maha Pengasih)
Muji welasNa, ku krana Putra, Muji welasNa, ku krana Putra
(Puji kasih-Nya, karena Putra, Puji kasih-Nya, karena Putra)

 

mid music : https://www.rudyct.com

No comments:

Post a Comment