Pages

Wednesday, September 8, 2021

Kidung Kabungahan 188 - Kulawarga Anu Bagja

KKb 188 - Kulawarga Anu Bagja (Keluarga Hidup Indah)
do = Bes ; 4/4

Verse 1 :
Kulawarga anu bagja, lamun ngandel ka Gusti
(Keluarga hidup indah, bila percaya Tuhan)
K'lawan asih nu sampurna, Gusti anu mingpin
(Dengan kasih yang sampurna, Tuhan yang memimpin)
Hatur nuhun ka Gusti, p'rantos kersa ngabingbing
(Trima kasih ya, Tuhan, telah sudi membimbing)
Ibu bapa jadi tuladan, para putra silih-asih
(Ibu bapa jadi teladan, para putra saling kasih)

Verse 2 :
Kulawarga hirup rukun, mun dipingpin ku Gusti
(Keluarga hidup rukun, kalau dipimpin Tuhan)
Mangsa suka jeung sangsara ka Yesus muntangna
(Kala suka pun derita, sandar pada Yesus)
Memang seueur jalanna, geusan jadi tarekah
(Namun tak'kan jadi selamat, bila hanya sandar diri)
Nanging henteu matak jamuga, lamun ngandel kana diri
(Memang banyak jalannya, guna mengatasinya)

Verse 3 :
Nun, Roh Suci mugi mingpin, sangkan kulawarga teh
(Sudilah Roh Kudus pimpin, agar hidup k'luarga)
Salamina hirup bagja, jadi conto sae
(S'lamanya hidup bahagia, jadi contoh baik)
Jadi berkah ka kabeh, para putra teh soleh
(Jadi berkat ke s'mua, para putra pun saleh)
Tiasa babakti ka sepuhna, utamina ka Pangeran
(Berbakti pada orang tua, terutama pada Tuhan)
 


No comments:

Post a Comment