Pages

Tuesday, September 7, 2021

Kidung Kabungahan 186 - Sakur Nu Pinyorangeun

KKb 186 - Sakur Nu Pinyorangeun (Apapun Yang Akan Dialami)

do = Es ; 4/4


Verse 1 :
Sakur nu pinyorangeun, kasusah, kasuka,
(Yang akan dialami, kesusahan, kesenangan)
ka Pangeran sanggakeun anjeunna ngaraksa,
(Setia pada Tuhan, Dia 'kan lindungi)
nu ngaratuan jagat, sareng wijaksana
(Yang menguasai bumi dan yang bijaksana)
pinguruseun ka umat, menerkeun jalanna
(kan mengurusi umat, betulkan jalannya)

Verse 2 :
Lamun ngandel ka Gusti, moal meunang era,
(Kalau andalkan Tuhan, tak 'kan dapat malu)
sing muntang ka Nu Suci, aheng pitulungNa
(Bergantung ke Yang Kudus, heran pertolonganNya)
Nu sasambat ka Allah, kalawan percaya
(Yang berseru pada Allah, dengan yakin sungguh)
jeung hate anu pasrah, tinangtu jamuga
(Dengan hati berserah, pasti bahagia)

Verse 3 :
Masing pasrah ka Gusti, nu Langkung binangkit
(Berserah pada Tuhan, Yang Maha Pengasih)
Mun kitu engke pasti, anjeun teh dijait
(Pastilah engkau nanti ditolong olehNya)
lamun Gusti Pangeran, ka anjeun ngaraksa
(Tuhan senantiasa menjaga engkau)
ngangge jalan nu heran, na' anjeun nalangsa
(Dia pakai jalan ajaib, mengapa kau sangsi)

Verse 4 :
Nun, panutan dangukeun, panyambat sim abdi
(Ya Tuhan Yang Pengasih, dengarlah doaku)
lengkah abdi tegerkeun, sangkan muntang ngabdi
(Langkahku Kau tegarkan, agar aku tetap mengabdi)
dugi ka panungtungan, abdi teh sing werat
(Hingga akhir hayatku, aku mampu tetap menepati)
netepan perjangjian, dongkap ka aherat
(Perjanjian hingga ke akhirat)

 

midi music :  https://www.rudyct.com

No comments:

Post a Comment