Pages

Wednesday, August 25, 2021

Kidung Kabungahan 146 - Nun, Allah, Abdi Tumungkul

KKb 146 - Nun, Allah, Abdi Tumungkul (Ya, Tuhan, Aku Bersujud)

do = D ; 4/4

Verse 1 :
Nun, Allah abdi tumungkul, ngangken diri doraka
(Ya, Tuhan, aku bersujud, mengaku diri durhaka)
Abdi teh mung dosa wungkul, mawi ceurik jeung era
(Aku hanya dosa melulu, kar'nanya nangis dan malu)
Nanging aya sih kurnia, kersa masihkeun Putra
(Namun ada karunia, sudi anugerahkan Putra)
Margi bawaning karunya, ngayakeun kaslametan
(Karena begitu besar kasihNya, karuniakan keselamatan)

Verse 2 :
Hukuman Gusti, nun, Allah, Ku Putra dilampahkeun
(Hukuman Tuhan, ya Allah, Putra yang laksanakan)
Nu suci nalang nu salah, aheng pangersa Gusti
(Yang suci ganti yang salah, heran kehendak Tuhan)
Gusti Yesus anu agung, dina kai digantung
(Tuhan Yesus yang mulia, di kayu salib digantung)
Pikeun nebus nu doraka, Putra nemahan pati
(Untuk menebus orang durhaka, mengalami wafat)

Verse 3 :
Asih nu sakitu rosa, teu karasa ku hate
(Kasih yang demikian besar, tak terasa oleh hati)
Hate ieu nyaahna teh, ka dunya jeung ka dosa
(Hati ini hanya kasih, pada dunia dan dosa)
Anu ka Gusti deuk neuteuh, ka dosa mah teu geuleuh
(kepada Tuhan hendak menjauh, kepada dosa merapat)
Pangandelna tangtu gaplah, reh nolak Putra Allah
(harapannya tentu gagal, karena tolak Putra Allah)

 

midi music : https://www.rudyct.com

No comments:

Post a Comment