Pages

Monday, August 2, 2021

Kidung Kabungahan 108 - Nyengkatkeun Panon Ka Gusti

KKb 108 - Nyengkatkeun Panon Ka Gusti (Tengadahlah Pada Tuhan)

do = Es ; 4/4

Verse 1 :
Nyengkatkeun panon ka Gunung, ti mana rek aya
(Tengadahlah pada Tuhan, dari mana datang)
Pitulung ka abdi, Pangeran tangtos mitulung
(Pertolongan padaku, Tuhan pastilah menolong)
Teu aya nu nyasama, nu nyepeng sabuana
(Tak ada yang menyamai, penguasa isi bumi)

Verse 2 :
Suku moal tijalikeuh, geus tangtu Allah teh
(Kaki tak 'kan terpelecok, sudah pasti Allah)
Ngaraksa ka anjeun, Allah urang tara reureuh
(Tuhan melindungimu, Allah kita tak 'kan diam)
Lelenyepan ge tara, nyaring salalanggengna
(Istirahat pun tidak, terjada selamanya)

Verse 3 :
Allah tangtu nangtayungan, ka anjeun di jalan
(Allah pasti melindungi, padamu di jalan)
Moal kapanasan, Sumawonna pibahlaeun
(Tak 'kan kepanasan, apalagi mara bahaya)
Geus tangtu dijauhkeun, anjeun dirahayukeun
(Pastilah dijauhkan, kau akan diselamatkan)

Verse 4 :
Mugi anjeun ku Pangeran, masing diauban
(Semoga kau oleh Tuhan, selalu dinaungi)
Jeung ditangtayungan, di dimah sarta di jalan
(Dan dilindungiNya, baik di rumah pun di jalan)
Mugi Gusti nyarengan dongkap ka kalanggengan
(Semoga Tuhan beserta, hingga kekekalan)

 

midi music : https://www.rudyct.com

No comments:

Post a Comment