Pages

Tuesday, September 7, 2021

Kidung Kabungahan 185 - Allah Ngaraksa Tanwande

KKb 185 - Allah Ngaraksa Tanwande (Allah Senantiasa Memberkati)

do = Es ; 4/4


Verse 1 :
Allah ngaraksa tanwande, malah nangtayungan, dina pertikahan
(Allah senantiasa berkati, bahkan melindungi, dalam pernikahan)
Sing pinuh ku berkah bae, enggoning rumah tangga, mugi ginanjar bagja
(Semoga penuh karunia, dalam bina rumah tangga, semoga berbahagia)

Verse 2 :
Mugi anjeun teh ku Allah, diraksa sing slamet, baya ulah deukeut
(Semoga anda oleh Allah, diberi keselamatan, bahaya jangan dekat)
Eukeur nyaba keur di imah mugi Gusti nyarengan, dongkap ka kalanggengan
(Waktu pergi, waktu di rumah, semoga Tuhan lindungi hingga ke kekekalan)

 

midi music : https://www.rudyct.com

Kidung Kabungahan 184 - Gusti, Mugi Berkahan Pernikahan Ieu

KKb 184 - Gusti, Mugi Berkahan Pernikahan Ieu (Tuhan, Berkatilah Nikah Ini)

do = C ; 6/8


Gusti mugi berkahan ieu, nu ngarendeng di tempat ieu
(Tuhan, berkati m'reka ini, yang bersanding di tempat ini)
Anu seja nikah suci, di payuneun Jamaah Gusti
(Mereka akan nikah suci, dihadapan jemaat sini)
Aranjeunna parantos janji, bade hirup kalawan suci
(Mereka t'lah mengikat janji, akan berlaku hidup suci)
Ngajauhan napsu pribadi, demi asih sajati
(Menjauhkan nafsu pribadi, demi cinta murni)
Nun, Gusti,  berkahan pernikahan ieu, sangkan hirupna mulus jeung rahayu
(Oh, Tuhan, berkat kiranya kasihMu dapat dinikmati)
Mugi asih Gusti iasa kapimilik, salami hirup laki-rabi ka saha deui seja ngabdi
(Selama hidup m'reka dibumi, pada siapa m'reka mengabdi)
mung ka Gusti nu jadi Khalik, mugi sing mulus laki-rabi, dina nikah suci
(Hanyalah padaMu Al Khalik, s'moga kekallah cinta murni, dalam nikah suci)

 

midi music :  https://www.rudyct.com

Kidung Kabungahan 183 - Mugi Nyucikeun Pertunangan Ieu

KKb 183 - Mugi Nyucikeun Pertunangan Ieu (Semoga Sucikan Pertunangan Ini)

do = Es ; 3/4

Verse 1 :
Nun, Gusti, mugi nyucikeun pertunangan ieu saderek
(Ya, Tuhan, semoga menyucikan pertunangan ini saudara)
Dituyun ditangtayungan tumut pangersa Gusti
(Dituntun, dinaungi, menurut kehendakMu)
Gusti ngatur, Gusti ngaping sangkan mulus pernikahanana
(Tuhan mengatur, Tuhan mendampingi, agar muluslah pernikahannya)

Verse 2 :
Eh, saderek mangka emut, jodo diatur Gusti Allah
(Hai, saudara ingatlah jodoh diatur Tuhan Allah)
Anjeun dina perjalanan ngajugjug pernikahan
(Anda dalam perjalanan menuju pernikahan)
Pertunangan hiji mangsa saling wawuhan nu langkung jembar
(Pertunangan satu masa, saling mengenali yang lebih luas)

 

midi music : https://www.rudyct.com

Kidung Kabungahan 182 - Mangga Urang Ngalampahkeun

KKb 182 - Mangga Urang Ngalampahkeun (Mari Kita Laksanakan)

do = D ; 4/4

Verse 1 :
Mangga urang ngalampahkeun, tata ada Gareja
(Mari kita laksanakan, adat istiadat Gereja)
Gusti kersa ngabungahkeun, mangga urang ngalampahkeun
(Tuhan sudi membahagiakan, mari kita melaksanakan)
Pikukuhna Gareja, urang ngariung meja
(Tata ibadat Gareja, kita mengelilingi meja)

Verse 2 :
Tampanan seug dalalahar, kitu timbalan Gusti
(Terimalah dan makanlah, itulah sabda Tuhan)
Tapi urang ulah samar, benerna Gusti didahar
(Tapi kita jangan salah, sebetulnya Tuhanlah yang kita makan)
Gusti Roti nu estu, kudu dahar ku ati
(Tuhanlah Roti yang benar, harus dimakan oleh hati)

Verse 3 :
Sarta Gusti nyandak lumur, geura nginum lahirNa
(Lalu Tuhan mengambil cawan, minumlah, sabda Tuhan)
Ku lantaran nginum anggur, inget getih Gusti ngucur
(Karena meminum anggur, ingat darah Tuhan yang mengucur)
ngaku wungkul getihNa, matak leungit dosa
(Hanya karena darahNya, hilanglah dosa-dosa)

Verse 4 :
Eh, dulur anggota Greja, urang mulyakeun Gusti
(Hai, saudara anggota gereja, kita mulyakan Tuhan)
Nu maparin ieu meja, tanda asih ka Gareja
(Yang menyediakan meja ini, kar'na kasihNya kepada Gereja)
Urang nyanggakeun bakti hormat nuhun jeung puji
(kita persembahkan bakti, hormat, terima kasih dan pujian)

 

midi music : https://www.rudyct.com

Kidung Kabungahan 181 - Eh, Dulur, Gusti Nyaur

 KKb 181 - Eh, Dulur, Gusti Nyaur (Hai, Saudara, Tuhan Memanggil)

do = C ; 4/4

Verse 1 :
Eh, dulur, Gusti nyaur, panyuguh geus sadia
(Hai saudara, Tuhan memanggil, perjamuan sudah sedia)
Urang ngucapkeun sukur, da meunang ngariung meja
(Kita mengucap syukur, boleh duduk sekitar meja)
Ngingetkeun pupus Gusti, matak nyegerkeun ati
(Mengingatkan wafat Tuhan, amat menyegarkan hati)

Verse 2 :
Eh, nu beurat ku dosa, masing nyaho Gusti nampi
(Hai, yang berbeban dosa, Tuhan sudi menerima)
Nampi jalma doraka, Gusti geus nalangan pati
(Menerima orang durhaka, Tuhan telah gantikan kematian)
Ieu anggur jeung roti, tandana anu pasti
(Anggur dan roti ini, tanda yang sudah pasti)

Verse 3 :
Mangsa urang keur neda, kadaharan anu suci
(Saat kita sedang makan, perjamuan yang kudus)
Perlu urang sadaya, ngingetkeun pupusna Gusti
(Perlu kita semua, ingat 'kan wafat Tuhan)
Sangkan tetep percaya, ku korban saliraNa
(Agar tetap percaya, pada kurban diriNya)

Verse 4 :
Pek nyebut Haleluya! Gusti prantos ngarapihkeun
(Sebutlah : Haleluya! Tuhan telah mendamaikan)
Urang jeung Allah Rama, dicangreud kurniaNa
(Kita dengan Allah Bapa, diikat oleh karuniaNya)
Sarta urang ku Gusti, dileler hate suci
(dan kita oleh Tuhan, diberi hati kudus)

 

midi music :  https://www.rudyct.com

Kidung Kabungahan 180 - Jangji Hirup Nu Jujur

KKb 180 - Jangji Hirup Nu Jujur (Janji Hidup Jujur)

do = F ; 4/4

Verse 1 :
Hirup nu jujur bade disanggakeun ka Gusti Yesus anu disembah
(Hidup yang jujur hendak kuserahkan, pada YesusKu yang aku sembah)
kasatunggalan raket jeung suci, hoyong dibeungkeut sareng Panebus
(persekutuan mesra dan kudus, ingin ku ikat dengan penebus)

Verse 2 :
Panyaur Yesus bade diestokeun, sagala milik seja dihaturkeun
(Panggilan Yesus ku ikut mesti, dan segalanya padaNya ku bri)
MantenNa prantos ngurbankeun diri henteu nampik abdi nu doraka
(Dia dahulu membri hidupNya, tiada menampik diriku rendah)

Verse 3 :
Dina karya di tempat mana bae, di unggal waktos satekah polah
(Dalam karyaku di tiap tempat, di tiap waktu sedapat sempat)
baris jadi saksi Gusti Yesus, rela balangsak demi panebus
('kan ku saksikan namaNya kudus, rela menanggung demi penebus)


Refrein :
Nya Yesus nu ngurbankeun diri nebus abdi, mangsa nu bade dongkap
(Ya, Yesus yang korbankan bagi ku darahMu, ku b'ri masa depanku)
oge hirup abdi, seja disanggakeun janten
(dan hidup bagiMu, hatiku kuserahkan menjadi)
kagungan Gusti mugia kawasa Gusti nyarengan ka abdi
(takhtaMu, ku minta, kuasailah, seluruh hidupku)

 

midi music :  https://www.rudyct.com

Kidung Kabungahan 179 - Allah Jadi Benteng Umat

KKb 179 - Allah Jadi Benteng Umat (Allah Menjadi Benteng Umat)

do = D ; 4/4

Verse 1 :
Allah janten benteng umat, panyalindung urang, Najan rupek susah banget
(Allah menjadi benteng umat, perlindungan kita, sekalipun amat susah)
Pitulungna teu kurang, musuh teh nyesedek, pakarangna pepek
(PertolonganNya tak kurang, musuk tlah mendesak, senjatanya lengkap)
Kepeng pedang gilap, banderana ngerab, tapi mo bisa mulang
(Perisai pedang mengkilap, benderanya berkibar, tetapi tak 'kan menang)

Verse 2 :
Kawasa dunya teu lila, ku urang teu diarah, urang dibanding prawira,
(Kuasa dunia tak kekal, tidak kita andalkan, kita disertai Perwira)
Pasihan Gusti Allah anjeun nanya SAHA? Kristus, disebatNa
(Pemberian Tuhan Allah, anda bertanya ; SIAPA? Kristus-lah namaNya)
Putra Allah nunggal, jeung umat satunggal, urang teh moal kalah
(Putra Allah Tunggal, dengan umat menjadi satu, kita tak akan kalah)

Verse 3 :
Najan naraka calangap, hate urang mah reureuh, teu gimir najan sakedap,
(Sekalipun neraka menganga, hati kita tetap tenang, tidak takut walau sekejap)
Ngandel ka nu ngageugeuh, najan setan ngamuk, ka urang rek nyapluk
(Mengandalkan Yang Kuasa, sekalipun setan mengamuk, pada kita 'kan memangsa)
Mo jadi maksudna, anggur meunang era, dielehkeun Gusti
(Tak 'kan terlaksana maksudnya, malah dapat malu, dikalahkan oleh Tuhan)

Verse 4 :
Tetep pangandika Allah, moal keuna ku teter, geus pasti iblis teh kalah,
(Tetaplah sabda Allah, tidak akan kena kekalahan, sudah pasti iblis kalah)
Eh setan masing geder, maneh teh kasambut, mo bisa ngarebut
(Hai, iblis kecutlah, kau akan tewas, tak 'kan bisa merebut)
Maksud hamo hasil, kami ku nu adil, rek dileler sawarga
(Maksudmu tak akan berhasil, kami oleh Yang Adil, akan dikaruniai surga)

 

midi music : https://www.rudyct.com

Monday, September 6, 2021

Kidung Kabungahan 178 - Agung Sih Kurnia Allah

KKb 178 - Agung Sih Kurnia Allah (Agung Karunia Allah)

do = G ; 3/4

Verse 1 :
Agung sih kurnia Allah, nyalametkeun abdi
(Agung karunia Allah, menyelamatkan saya)
Kapungkur teh, Abdi sasab, Aya di nu lepat
(Dulu saya telah sesat, ada di (jalan) yang salah)

Verse 2 :
Agung nugraha ti Gusti, nuyun lengkah abdi
(Agung anugerah Tuhan, menuntun langkah saya)
Maparinkeun kakiatan, laksana paneja
(Memberi kekuatan, terlaksana maksud)

Verse 3 :
Matak helok jalan Gusti, mindeng teu dinyana
(Membuat heran jalan Tuhan, sering tak disangka)
Abdi wakca sok cangcaya, hate sok kawatir
(Saya mengaku suka merasa sangsi, hati suka khawatir)

Verse 4 :
Agung sih kurnia Ama, sabar tur satia
(Agung karunia Bapa, Sabar dan setia)
Sembah sukur, kamulyaan ti abdi ka Ama
(Sembah, syukur, kemulyaan, dari saya kepada Bapa)

Verse 5 :
Agung padamelan Allah, lungsurna mijalma
(Agung pekerjaan Allah, turun jadi manusia)
Kamulyaan, seug ditilar, sayagi dihina
(Kemuliaan lalu ditinggal, sedih dihina)

Verse 6 :
Agung sih piwelas Gusti, taya papadana
(Besar pengasihan Tuhan, tiada bandingnya)
Pupus ngagentos sim abdi, malar abdi bagja
(Mati menggantikan saya, agar saya bahagia)

 

midi music : https://www.rudyct.com

Kidung Kabungahan 177 - Abdi Nyanggakeun Murangkalih

KKb 177 - Abdi Nyanggakeun Murangkalih (Kami Persembahkan Anak)

do = D ; 4/4

Verse 1 :
Abdi nyanggakeun murangkalih, ka pangkon linggih Allah Rama
(Hamba menyerahkan kanak-kanak kepada pangkuan Allah Bapa)
Janten kagungan anu kaasih, janten putra anu yaktos kamanah
(Jadi milik yang dikasihi, jadi anak yang sungguh-sungguh berkenan)

Verse 2 :
Sim abdi nyanggakeun panuhun, dileler kawijaksanaan
(Hamba menyerahkan permohonan, diberi kebijaksanaan)
Mulasara sinareng ngatikna, sangkan sareng kersa Gusti saluyu
(Memelihara dan mendidiknya, supaya dengan kehendak Tuhan sesuai)

Verse 3 :
Anaking hidep didungakeun, lulus mulus cageur tur bageur
(Anakku, engkau didoakan, lulus mulus sehat dan baik kelakuan)
Ibadah ka Allah sapanjangna, hormat ka sepuh, nyaah ka sasama
(Beribadat kepada Allah sepanjangnya (hidup), hormat kepada orangtua, kasih kepada sesama)

 

midi music : https://www.rudyct.com

Kidung Kabungahan 176 - Nun, Ama, Anu Langkung Kurnia

KKb 176 - Nun, Ama, Anu Langkung Kurnia (Ya, Tuhan, Yang Maha Kasih)

do = G ; 4/4

Verse 1 :
Nun, Ama, anu langkung kurnia, Abdi seja nyanggakeun ieu budak
(Ya, Bapa, yang maha karunia, saya bermaksud mempersembahkan ini anak)
Mugi tebihkeun ti nu matak ruksak, dimanah sareng diangken putra
(Moga dijauhkan dari yang dapat merusak, berkenan dan dijadikan putra)

Verse 2 :
Nun, Putra, abdi ngaturkeun puji, Ieu budak mugi diberesihkeun
(Ya, Yesus, saya sampaikan pujian, semoga anak ini dibersihkan)
Mugi jeung Allah Rama dirapihkeun, diberkahan sareng disucikeun
(Semoga dengan Allah Bapa didamaikan, diberkati, dikuduskan)

Verse 3 :
Nun, Roh, Nu janten cahaya estu, mugi budak hatena dicaangkeun
(Ya, Roh, Cahaya kebenaran, hati anak ini terangilah, baharuilah)
Dianyarkeun, keur susah disenangkeun, dituyun sina meunang sawarga
(Waktu susah hiburkanlah, dibimbing agar dapat surga)

 

midi musik :  https://www.rudyct.com